Minggu, 27 Agustus 2023

ANGIN PEUTING JADI SAKSI NYAWANG KAHIRUPAN MANGSA KA HAREUP


Dina mangsa janari leutik

Kuring ngulisik bari gigisik

Terus usik rek nalungtik

Kaayaan peting anu rame ku jangkrik


Kuring katarik lalaunan kana hawa anu tiis pisan.....

Kabengbat ku rupa - rupa sora peuting

Malah aya soara maralak daun garing ka deupak angin peting.....

Kuring ngalamun beut jero pisan.....netep dunya meni anteb pisan...

Teuing naon...anu aya dina panglamunan....

teuing naon anu aya dina pipikiran...


Angin peuting ngaharewos meni tandes..

Ngelingan kana diri lir ibarat ngagebah hayam anu nundutan....

Ngorejat bari lumpat....mulang kana ka ayaan.



Duh gusti meni asa reueus nya maca sajakna Kang Yuhar, kumaha nebo lovers? cik atuh rada dikomen naon hartosna eta sajak teh, diantos lah karya-karya anu lainna. Mugi mangpaat!


Sajak by: Yudi Hartono, S.Pd.I

Picture by: https://pixabay.com/id/illustrations/bulan-malam-suasana-hati-perakitan-751571/

Published by: HUBINMAS

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

SMKN 1 Bojong Gelar Upacara HARDIKNAS dengan Penuh Khidmat

Mentari pagi menyambut hari dengan penuh berani, sinarnya menjadi saksi betapa semangatnya warga SMKN 1 Bojong menyongsong masa depan dengan...